Friday, November 4, 2011

'MUKODDIMAH SUNDA' Pangluhung kalbu, kajembaran manah, puji nu jadi panghias hati, puja nu jadi panghias rasa, Puji hayu urang sanggaken ka Allah robbul izati, Puja hayu urang sanggaken ka Allah aza wajalla, anu mana takdir teu tiasa d pungkir, kadar teu tiasa di singlar, Alhamdulillah dina danget ayena urang sadaya masih tiasa riung mungpulung patepung lawung, patepang wajah dina haflah mubarrokah mungguh Allah, anu pamudah mudahan ieu riungan sing d catet sebagai amal karean d payunen mantenna Amin. Anu mana teu ka selip-selip dina ati,teu kaselap-selap dina rasa,teu kagilir-gilir dina fikir,teu kabeku-beku dina qolbu, upami saur nonoman tea mah " wa laulaa dhoharo fil ain aqrobu fil qalbi ", jauh d mata dekat d hati. Salajengna, rohmat kalih salam, kawilujengan mugia salamina tetep d lelerkeun ka jungjunan alam, anu pangnyongcolangna sa alam marcapada, anu janten rohmatan lil alamin, habiibana wa nabiyana Muhammad saw. Anu mata tata titi insan berbudi kanjeng nabi nu sajati,lir ibarat gapura anu d renggi-renggi... Atuh semu alum kembang tanjung,rasa hegar kmbang mawar, malati nu jadi jajatining ati, samoja nu jadi kadeudeuh bulan,dina tungtung keresekna dangdaunan anu hejo ngemplok anjena lahir, anjena endah manan kembang anu ngadalingding sapanjang peting, nyambuang sapanjang berang negrakeun kalimah toyibah ti masyrik dugi ka magrib tug dugi ka urang sadaya anu tumut kana ajaran mantena, pamudah mudahan urang sadaya ngengingken kana syafatul udzma jaga di yaumul jaza, Amin. Kiwari pamuka catur,turiang jadi jarami, minangka ngababaktos kaula sanes bade ngabibisani, nyingketken ningali ngan raga,gaganti payung nu lengit, lengit kalapa muluntu, tugenah taya pangais, aisan lepot keur budak daki nya ngabulen ka diri, rineka mangun siloka, kabita ku rahmat gusti, wirehna pidawuh gusti nu kaunjuk dina Al-qur'an, anaking jimat awaking, poma maneh hirup kumelendang d alam dunya,kdah kersa tawasoubilhaq wa tawasoubilshob, kdah krsa silih asah, silih asuh dina kaireng katalinggehan, malah mandar ukhuwah islamiyah, ukhuwah insaniyah, ukhuwah wathoniyah urang sadaya tercipta di alam dunia bana tug dugi ka alam abadi, akherat jenenganana Amin ya robbal alamin.